Welcome to My Blog. You can find some information from my blog. My name's Adie, I was a student of SMK Negeri 1 Majalengka Computer Engineering Department Network

Thursday 1 May 2014

Contoh Dialog Drama Bahasa Sunda

Contoh Dialog Drama B. Sunda

Di hiji lembur, aya wanoja nu nami na Neneng. Eta wanoja teh geulis tapi centil jeung adigung deui.
Dina hiji waktu, si Neng keur leuleumpangan sorangan, rek ka imah babaturana.

WIWIN        : Waahh… Waahh… Neneng lebay tah ngaliwat.
NINING        : Mana… Mana… ?? Ouhh… Si eta si Neneng lebay teh.
WIWIN         : Bener… Beda pisan nya jeung adina… eta si Lilis anu budak  pasantren                               tea.
NINING        : Hah..??? Pan si Lilis mah anak na Ma Ijah… Nya ogeh si
                        Neng lanceukna ? Berarti si Neng oge anak na Ma Ijah ?
WIWIN         : Heuh… Borokokok, nya enya…. Ari dewek cicing di lembur
                        ieu geus sabaraha taun ?
NINING        : Ke nya Ceu… Sataun… Dua taun… Lah duka tibarang
                        lahir ge geus didieu.
WIWIN         : Heummhh… Kitu tah pentingna Matematika teh, Nining…
                        Nining….

Di imah babaturana, si Engkay tea, didinya geus aya si Ai.

AI                   : Neng… Tong cambetut teuing atuh.
NENG           : Heuh… Bete , tuh tadi Ceu Nining jeung Ceu Wiwin ari
                        ngagosip teh mending mun volumena anca mah, ieu mah
                        cepil ge datangkeun ka asa paranas.
ENGKAY     : Naha maneh bet mamawa bata sagala ? teu di nanaha
                        aning Ceu Nining jeung Ceu Wiwin na ?
NENG           : Aduuuhh… Cape deh….
ENGKAY     : Naha atuh bet cape ? Di udag-udag polisi nya ? Matak ge
                        tong ngagebug batur, ku bata deui.



AI                   : Aduuh… Ari si Engkay, sanes kitu… Hese da ngajelaskeun
                        nage. Tadi teh bahasa gaul nu si Neng, geus lah da moal
                       ngarti ( Ningal ka si Neng ) kunaon kitu Neng ?
NENG           : Keuheul Ai, maenya ngaran Neng saalus-alus ditambahan
                       ku Ceu Wiwin jadi “Neneng Lebay”, sok saha nu teu ambek?
ENGKAY     : Matak Neng, tong sok centil teuing geura ari jadi awewe
                        teh.
AI                   : ( Nyiwit ) Engkay… Ati-ati atuh ari nyarios teh.

Ti prak harita, si Neng jeung si Engkay teu pati akur. Si Neng kalah ka beuki centil jeung sombong, komo lamun geus papacangan jeung pamuda pangkasepna di eta lembur.
Hiji poe, si Neng keur ngobrol jeung si Jajang.

JAJANG       : Neng geulis… teu karaosnya tos 3 bulan urang sasarengan.
NENG           : Muhun Kang, aahh si akang mah mani emutan.
JAJANG       : Nya pastina atuh, pan akang teh cinta ka Neng. Unggal
                        dinten kaemutan wae Neng, bade emam, bade bobo, lah
                        poko namah unggal waktos oge raray Neng wae nu
                        katingali tur aya dina pikiran akang teh.
NENG           : Aahh… si akang mah tiasaan pisan ngarayu Neng teh.
                       Neng oge jadi makin cinta ka akang teh.

Keur kitu aya hiji wanoja ngaliwat.

ENUR           : Kang Jajang, ya ampuuun…. Kamana wae ?? sareng saha
                       Kang ? oh… rai si akang eta teh ?
JAJANG       : Eehh… Eu… Eu… Eu… Sanes.
ENUR           : Teras saha atuh kang ?
JAJANG       : Babaturan… nya… Babaturan…
NENG           : ( Ngambek ), Naon kang ? Babaturan ??? Oh… Jadi Neng
                       teh babaturann akang nya ?? Si akang mah jahat.

Tos kitu, aya deui hiji wanoja nyamperkeun.

EUIS             : Aduh… Kang Jajang, keur liburan jeung kulawargi nya ?
                       Waahh… resep nya Neng, gaduh raka sapertos Kang Jajang
                       mah.
(ENUR+NENG): Haahh ??? Raka….???
NENG           : Kang Jajang mah kabogoh Neng.
ENUR           : Bohong, nu bener mah Enur kabogoh Kang Jajang teh.
EUIS             : ( Kaget )… Nya teu salah ? Yeu kuring kabogoh Kang
                        Jajang mah, malah bulan hareup oge bade nikah, nyah  
                       Kang ??
(ENUR+NENG): Hah…. Nikah ???
ENUR           : Berarti salami ieu, Nur di bobodo ku si Akang.
NENG           : Bener… Jahat… Jahat… ( Patangkeup-tangkeup bari
                        ceurik )

Salila saminggu, si Neng jadi jametut  wae. Jarang ngobrol jeung batur.

EMA              : Neng, kunaon atuh ? Sok nyarita ka Ema.

Si Neng cicing wae.

LILIS                     : Assalamu’alaikum….. Ma…. Teh…
EMA              : Wa’alaikumsallam… Lilis… Aduh bagea teuing… Age-age…
                        emam  heula.. sok enggal..
LILIS                     : Atos ma… Teh Neng mana Ma ?
EMA              : Tuh di kamer na !! Jig kaditu, rek ka teteh mah.



Di Kamer si Neng.

LILIS         : Assalamu’laikum Teh.
NENG           : ( Ngan ngadelek wae.. teu ngajwab, cicing wae )
LILIS          : Kunaon atuh Teh ? Bet teu diwaler ? Cambetut kawas kitu
                       teh moal aya nu bogoheun.
NENG           : ( Ceurik )
EMA              : Aeehh… Ari si Lilis, datang-datang beut geus nyeurikan
                       lanceuk.
LILIS          : Henteu Ma, Lilis mah teu ngananaon si teteh. Teh  Neng na
                       wae nu keur dilema jiganamah.
EMA              : Nya nu keur sedih ditawaran dalima tuda, nya moal
                       daekeun. Dahar sangu oge seuseut.
LILIS          : Eh… Ari Ema, “Dilema” lain “Dalima”.
EMA              : Ooohhh… Nya teu beda lain ??
LILIS            : Beda atuh Ma… Yeuh ari dilema mah….
NENG           : ( Motong omongan adina ), Lis… Ma… Neng teh keur sedih,
                        mani euweuh nu merhatikeun, kalah ka ngurus dalima.
LILIS          : Hampura atuh Teh.
EMA              : Nya tuda diajak ngomong oge tara nembalan, mending
                       ngaemam dalima, enak…
NENG           : Tuh… Si Ema mah, duka lah..

Si Neng nyaritakeun sagalana ka Lilis jeung Ema ti mimiti sok disebutan “Neneng Lebay” ku batur, datang keun ka dibobodo cintana ku si Jajang.

LILIS          : Deudeuh teuing si teteh.
EMA              : Nya… Yeuh Neng ayeuna mah dengekeun Ema, ti mimiti
                        ayeuna mah sing ati-ati ari milih lalaki teh , jeung bogoh
                       oge tong bogoh-bogoh teuing, komo nyerahkeun sagalana ka
                       lalaki mah, geus cilaka mah, nu kaduhung teh lain si Neng
                       wae, Ema, si Lilis, babaturan-babaturan si Neng oge
                       kababawa goreng. Tah Lis… Kade sarua jeung dewek oge.
LILIS          : Siap bos.
EMA              : Nya sukur ari geus pada kaharti mah. Tah kade regepkeun
                        jeung amalkeun omongan Ema teh.
LILIS          : Betul… Teh.. Jadi ayeuna mah tong cambetut deui lah, pan
                        aya Lilis nu imut jeung pikalucueun ayeunamah, seuri atuh
                        teh.
NENG           : Eueuhhh… si Lilis teh pinter pisan.
LILIS         : Pasti, tuh kan seuri ayeunamah.
NENG           : Pinter-pinter, pinter ngagulkeun sorangan.. Hehehehe

Ahirna si Neng ngarobah sifatna, saeutik-saeutik si Neneng Lebay jadi si Neneng Kalem tur pikaresepeun jalma rea.













No comments:

Post a Comment

Information Most Popular